CLICK HERE FOR THOUSANDS OF FREE BLOGGER TEMPLATES »

Rabu, 07 Januari 2009

wawar keur urang Subang

sampurasun…
reuseup ah ayeuna mah palay ngobrol jeung urang subang deui teh asa garampil. bade wawar ka sadaya urang subang, “dulur…tong kabeh hayang jadi PNS. komo kudu sugak-sogok mah. hayu urang babarengan neangan rizki ku cara dagang. loba anu bisa dikembangkeun dikota urang ieu. jeung ulah poho jajaten urang sunda. duduluran, sauyunan, tong loba kapiweuruh ku adat urang kapitalis. silih angkat, silih tulung, gotongroyong jadikeun jajaten dikabeh diri urang subang. anu leutik hormat ka nu leuwih kolot, nu leuwih kolot nyaah ka nu leuwih leutik. anu leuwih mere ka nu kurang. kade bahaya laten kapitalis, nu beunghar makin beunghar, nu kakurangan kapaehan kalaparan. pajabat korup haha hihi meuli taneh di ditu di dieu, teu inget ka rahayat subang anu keur ngabangingis ceurik kalaparan. ka dulur kabeh, hayu urang tekadkeun ka hate bararea, SUBANG ANU URANG, ALUS GORENGNA KUMAHA URANG. SUBANG LAIN ANU PAJABAT, TAPI PAJABAT KUDU MANTUAN URANG KEUR NGAJADIKEUN ALUS KOTA URANG. nuhun ah…
permios…

0 komentar: