CLICK HERE FOR THOUSANDS OF FREE BLOGGER TEMPLATES »

Rabu, 07 Januari 2009

dongeng urang Subang

sampurasun….
bade ngadongeng ah…
judulna terserah naon weh..ku,aha anu maca
kieu caritana….

si aceng lulumpatan bari seuri bangun hate anu bungah rek ngamprokan indungna. ma…ema..ma…si aceng kokotetengan neangan indungna. naon ceng, tembal si ema. ma, urang ayeuna mah moal sangara deui jiga ayeuna ceuj si aceng bari nyuruput kopi sesa kamari. naon kitu ceng, silaing meunang lauk emas diwalungan? tembal deui si ema. leuwih ti eta ma…ceuk si aceng negeskeun. aceng ditunjuk ku ki demang pikeun jadi wakilna di pamarentahan urang ieu. bakal beunghar urang ma…ceuk si aceng bari melak cangkeng. naha, pedah naon ki demang nunjuk silaing ceng..? asa araneh ema mah..maneh sakola ge henteu, boro-boro sakola. ayeuna wae maneh kudu mantuan ema neangan pisangueun, ceuj si ema heraneun. teu pira ma…ki demang nunjuk aceng jadi wakilna pedah aceng daek dititah ungkug-ungkugan. nalahan nah, ki demang ngomong kieu ‘bageur maneh ceng, sing nurut ka kawula’ bari ngusap hulu aceng, tembal si aceng. ema teu loba carita ngan bengong anggeur teu ngarti…

http://www.satoesyndicate.blogspot.com

0 komentar: